Banner Jurnalistic Independent

...........
back to top

Terjemahkan Berita

Sabtu, 19 April 2014

Indung Tunggul Rahayu; Bapa Tangkal Darajat



Jodo Pati Bagja Cilaka Allah Maha Kuasa

Basa Indung jeung Bapa sapatemon
bari nyalindung ka Allah ku kecap
“Allahuma janibna syaithon
wajanibi syaithon maa rojaktana”
harita Malaikat mukakeun lawang arwah

Basa Indung jeung Bapa beres sapatemon
bari ngucap: “Alhamdulillah!”
Sakali deui, Malailkat ngucurkeun cai
nya cari kahuripan

Hirup jeung hurip merengan dawuh Allah
Kun Fayakun: Lamun Kami ngajadikeun mangka jadi
nya harita cai kahuripan
nyangkurak dina guha garba Indung hidep
Salapan sasih lamina

Basa Malaikat diparentah ku Allah SWT
niupkeun ruh kahiji dina bulan kaopat
basa pibakaleun hidep masih kumelendang di lebet
rahim Indung, nya harita pisan ditangtukeun qadar hidep
mangrupi papasten hirup

Basa ruh anu kadua kalian ditiupkeun ku Malaikat
dina bulan katujuh, harita ditetepkeun piwujud hidep
tur jodo pibatureun hidep, gesan ngumbara di Alam Dunya
tepi ka pangbalikan deui ka Alam Arwah ….

Kukituna, Indung jeung Bapa hidep
enggoning nyangking amanah ti Allah SWT
teu petot nya dzikir jeung napakuran nu jadi anak
dibareng ngadoa nu taya petotna
ti kawit hidep di kandung
nepi ka jalugjug jangkung

Tetela Indung teh tunggul rahayu
Bapa teh tangkal darajat

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Berita Terpopuler